contoh resensi bahasa sunda (buku sufi fungky)

Judul                         : Sufi Funki

Pangarang               : Thobieb Al-Asyhar

Pamedal                  : Bunga Tazkiya

Citakan                     : 1, 2005

Kandelna                 : 192 kaca

Warna jilid buku   : hejo jeung koneng

Mimiti urang maca kana ieu buku, dina bagean hiji “kamu kategori remaja mana?” kaca ka 1 dijentrekeun urang kaasup kana rumaja kawas kumaha. Abus kana rumaja nu teu nyadar ka teu pinteranana, rumaja nu nyadar ka teu pinteranana, rumaja nu teu nyadar kapinterannana, atawa rumaja nu nyadar kana kapinteranana.  Rumaja anu teu nyadar ka teu pinteranana atawa gampangna mah di sebut rumaja teu nyadar manehna bodo biasana kajangkit anu ngarana teu bisa ngukur saha manehna, embung diajar tina pangalaman, jeung kajangkit sipat gede hulu. Rumaja nu nyadar ke teu pinteranana atawa rumaja nu nyadar maneh na bodo malah sabalikna manehna ngarti saha manehna, tukang diajar, terbuka jeng daek di koreksi, jeung sok mikir jauh kahareup, terus di praktekeun jadi mangpaat. Rumaja nu teu nyadar kapinteranana biasana teu PD, aya di lingkungan nu teu kompetitif, kuper, jeung teu ati-ati. Ari nu terakhir, rumaja nu nyadar kapinteranana biasana manehna PD pisan, kreatif jeung dinamis, paduli ka sasama,  jeung sopan kalayan rendah hate.

Tina bagean kadua “Berpenampilan Oke!” kaca ka 29 didinya urang bisa dapet informasi cara urang make pakean nu bener, nyaeta pakean nu nutup aurat, beresih jeung sopan, lantaran tina pakean, batur bisa ngukur kapribadian urang. Nu kadua di jentrekeun yen pentingna ngajaga lisan urang, ngomong teh kuduna mah sakabutuhna wae, kudu bisa maca situasi jeung kondisi, saacan ngomong kudu di pikir heula, milih kecap nu pas, jeung bersihkeun hate urang. Katilu di jentrekeun masalah ngagosip nu sarua jeung ngadahar daging babaturan urang sorangan, biasana tukang ngagosip boga wawasan nu kurang, euweuh gawe,boga kanyeri hate atawa dendam, pipiluen batur, hayang ngebesihkeun ngaran tina panilaian batur, dengki jeung sombong. Ka opat jeung saterusna di jentrekeun ngarah urang teu pamer, nurut kana aturan, teu sombong jeung ulah nga’geng’ lantaran nga’geng’ sarua jeung ngurangan babaturan kalahkah nambah musuh.

Bagean katilu “agar orang lain percaya” di jentrekeun yen jujur teh nyaeta modal kahirupan, urang kudu qonaah, syukur nikmat, ngatur waktu kana kahirupan dunia jeung akherat jeung ngaluruskeun niat ngarah urang teu jadi jalma nu ‘rakus’.  Ikhlas narima kaayaan nyaeta urang kudu narima kana cobaan ti Allah, rek leutik atawa gede, lantaran pasti aya maksud tina eta cobaan, tah pancen ti Allah urang kudu neanagan maksud jeung hikmahna. Naha kudu kerja keras jeung disiplin? Lantaran mun urang disiplin urang moal beakeun tanaga tur kabeh tugas di kerjakeun sama rata, moal numpuk kalayan ngabeakeun tanaga. Di jentrekeun yen tawakal beda jeng ngedul, lantaran mun tawakal mah kuu dipiheulaan ku ikhtiar. Jeung urang ulah jadi jalma pedit sabab tina harta nu ku urang boga ayeuna aya hak batur.

Urang kudu jadi jalama nu paduli ka sasama, boga sikep nu wajar tapi waspada, kudu inget jasa batur, teu meunang maen fitnah batur aya dina bagean opat “menahan ego menumbuhkan empati” kaca 133. Dina bagen terakhir “Tuhan mengampuni dosa-dosa kamu” di jentrekeun mun urang kudu salah kudu daek menta maaf, tobat tina kalakuan urang baheula,jeung ngajurung urang ngarah di ajar agama.

Tina segi  eusi ieu buku geus kabilang komplit. Tina ngagolongkeun urang abus kana model rumaja mana jeung bagean-bagean lian nu ngabantu urang jadi rumaja nu ‘sufi’ tapi ‘fungky. Tina segi gaya bahasana nu teu formal, pas pisan jang rumaja mah. Di tambah ku gambar-gambar nu ngagampangkeun rumaja jadi leuwih ngarti kana eusi buku. Salian ti eta ieu buku ge di tambahan ku bobodoran, jadi sanajan ieu buku eusina ngarah urang deukeut ka agama, ku aya bobodoran eta asa teu ngarasa di papatahan malahkah jadi deudeuyeun macana.

Tapi ieu buku teh aya kurangna, nyaeta teu loba nyematkeun ku conto-conto real kahirupan rumaja nu di jentrekeun dina eusi buku. Euweuh observasi langsung siga wawancara jeung sajabanana. Jadi sanajan ieu buku eusina rame tapi lantaran euweuh conto realna asa ngan ukur bacaan hungkul.

Ieu buku bisa langkung leuwih hade lamun di eusian ku warta-warta atau wawancara langsung jeung rumajana. Ngarah nu maca ge leuwih bisa narima jeung ngapraktekeun dina kahirupanana.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s